Tomat (lycopersicon esculentum) nyaéta salah sahiji jinis sayuran anu watang jeung daunna buluan lemes. Ilaharna tomat téh buleud, warnana héjo, lamun asak warnana beureum, aya anu sikian aya anu henteu. Biasana dipaké pikeun nyayur atawa didahar langsung ilaharna buah.[1] Tomat mangrupa salah sahiji buah lokal Indonésia anu loba kandungan vitamin C jeung lycopene.[2]
Tomat asalna ti Amerika Selatan, mimitina buah tomat téh kapanggih di Peru, Ekuador jeung Bolivia.[4] Lila kalilaan tomat téh sumebar ka Mexico jeung jadi salah sahiji sumber kadaharan suku Aztec.[5] Lalampahan jalma-jalma ti Eropa anu daratang ka Amerika Utara jeung Amerika Selatan téh alatan mawa éta tomat ka Eropa.[5] Pepelakan ieu dibudidayakeun di Spanyol jeung Italia, saencan diadopsi ku Inggris.[5] Bukti tinulis nu munggaran ngeunaan tomat di Eropa nyaéta taun 1544.[5] Catetan éta téh meunang Pietro Andrea Mattioli anu pakasabana dokter jeung ahli botani Italia.[5] Di Prancis mah tomat téh dingaranan apel cinta atawa pomme d’amour. Dingaranan apel cinta ku sabab tomat dipercaya mampuh nyagerkeun lemah syahwat jeung ningkatkeun jumlah sperma.[6]
Mangpaat tomat sabenerna geus ditalungtik ti baheula, saperti panalungtikan DR. John Cook Bennet ti Wiloughby University, Ohio, persisna bulan Nopember 1834.[7] Numutkeun dokter gizi, Dr. Leane Suniar Manurung, MSc, tomat bisa dikonsumsi ku saha waé ku sabab tomat miboga kandungan vitamin C jeung vitamin A, anu mangpaatna pikeun ningkatkeun kekebalan awak.[6] Numutkeun Léane tomat anu alus pikeun dikonsumsi nyaéta, tomat anu beureum.[6] Tomat miboga kandungan tomatine anu mangpaatna pikeun anti radang, sedengkeun kandungan karoten jeung vitamin C dina tomat mangpaatna pikeun anti oksidan pikeun ngalawan radikal bébas.[8] Salain ti éta aya deui sababaraha mangpaat liana nyaéta :
Tomat nu beureum kandungan vitamin C jeung vitamin A lima kali leuwih loba dibandingkeun jeung tomat héjo.[6] Salain ti éta tomat miboga kandungan beta carotene.[8] Ku sabab kitu tomat alus pikeun dikonsumsi ku budak leutik ku lantaran alus pikeun kaséhatan panon.[6]
''Lycopene'' dina tomat bisa nyingkahan karusakan sél anu ngarojong kangker rahim, kangker prostat pikeun lalaki, kangker beuteung jeung kangker kolorektal.[6]
Hasil panalungtikan Rowett Research Institute di Aberdeen, Skotlandia, yén dina tomat téh kapanggih aya gel warna konéng anu ngabungkus siki tomat.[7] Ku lantaran kitu bisa nyingkahan ngabekuna getih, stroke jeung panyakit jantung.[7] Salain ti éta kandungan kalium jeung vitamin B anu aya dina tomat bakal ngabantu nurunkeun tekanan darah jeung kadar koléstrol.[6]
Dahar tomat unggal poé sacara teratur bisa ngabantu nguatkeun akar buuk, ngajadikeun buuk téh hérang tur kandel.[6]
Tomat miboga vitamin K jeung kalsium anu alus pikeun nguatkeun tulang jeung huntu.[6]
Tomat miboga kandungan uyah mineral anu loba.[8] Uyah mineral téh gunana pikeun ngaluarkeun ciduh.[8] Ciduh ngandung enzim anu diperlukeun pikeun pencernaan.[8] Mineral tina tomat bisa ningkatkeun napsu dahar sedengkeun enzim anu ka luar bisa ngalancarkeun pencernaan.[8]
Asam sitrat anu aya dina tomat bisa ngabersihkeun kulit.
Buah tomat ngandung giji tina 5-10 persén beurat garing euweuh caian jeung 1 persén kulit jeung siki.[9] Lamun tomat digaringkeun, sakitar 50 persen tina beurat garingna anu ngawengku tina gula-gula pereduksi (utamana glukosa jeung fruktosa), sisana asam-asam organik, mineral, pigmen, vitamin, jeung lipid.[9] Tomat bisa digolongkeun sumber vitamin C anu alus ku sabab 100 gram tomat bisa nyumponan 20 persen atawa leuwih tina kabutuhan vitamin C dina sapoé.[9] Vitamin C gunana pikeun kesehatan huntu jeung gusi, nyageurkeun raheut, nyingkahan panyakit Scurvy (skorbut).[9] Salain ti éta, tomat téh sumber vitamin A anu alus ku sabab 100 gram tomat bisa nyumbangkeun sakitar 10-20 persen tina kabutuhan vitamin A sapoéna.[9] Vitamin A diperlukeun pikeun kaséhatan saperti, sistem kekebalan awak, pertumbuhan, jeung reproduksi. Vitamin A jeung C dina tomat miboga peran pikeun antioksidan.[9] Sari buah tomat ngandung vitamin jeung mineral.[9] Tina 100 gram jus tomat aya kalsium 7 mg, fosfor 15 mg, zat besi 0,9 mg, natrium 230 mg, jeung kalium 230 mg.[9] Vitamin anu aya dina 100 gram sari buah tomat nyaéta vitamin A (1.050 IU), vitamin B1 (0,05 mg), vitamin B2 (0,03 mg), jeung vitamin C (16 mg.[9]
Kandungan gizi dina 100 gram tomat nyaéta :
Di Indonésia aya sababaraha jenis tomat, dumasar kana ukuran jeung bentuk fisikna [10] :
Numutkeun Saptarini (1999), jenis tomat di Indonésia cukup loba, di antarana [10]:
Nalika Panén
Di Australia biasana maké bungkus plastik polyethylen biasa anu bendeulan leuitk di jeronaanu eusina KMNO4.[18] KMNO4 leuwih éféktif dina nyerep ethylen. Tapi balukarna harga tomat téh jadi mahal.[18] Sedengkeun di Indonésia mah aya cara paling gampang, aman tur murah nyaéta tomat-tomat téh ditendeun dina wadah tina awi anu higroskopis nepi ka bisa nyerep H2O jeung di bagian handapna dibéré kapur tohor atawa Ca(OH)2 pikeun ngiket CO2, sarta ditendeun di tempat anu garing jeung iuh nepi ka ethylen bisa diteken.[18] Lamun tomat anu warnana kahéjo-héjoan ditendeun ku cara kieu bisa nahan segerna tomat salila 2 minggu.[18]
Tomat (lycopersicon esculentum) nyaéta salah sahiji jinis sayuran anu watang jeung daunna buluan lemes. Ilaharna tomat téh buleud, warnana héjo, lamun asak warnana beureum, aya anu sikian aya anu henteu. Biasana dipaké pikeun nyayur atawa didahar langsung ilaharna buah. Tomat mangrupa salah sahiji buah lokal Indonésia anu loba kandungan vitamin C jeung lycopene.