dcsimg

Beurit ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Beurit (Basa Indonésia:Tikus) téh nyaéta mamalia nu kaasup salah sahiji spésiés rodénsia dina genus Mus sarta turunan lianna nu kaasup kulawarga Muridæ (Beurit Dunya Buhun, Old World Mice).

Biologi

Spésiés beurit nu paling dipikawanoh mah nyaéta beurit imah biasa (Mus musculus), nu ilahar kapanggih di sabudeureun urang di sakuliah dunya, ogé beurit nu sok dipaké di laboratorium, salaku modél organisme na biologi; sarta beurit kukutan (pikeun jalma awam mah, istilah beurit téh disaruakeun jeung "Mus musculus"). Beurit suku-bodas Amérika (Peromyscus leucopus) jeung beurit uncal (deer mouse, Peromyscus maniculatus) ogé kadang hirup di paimahan. Spésiés beurit ieu hirup sacara komensalisme jeung manusa.

Beurit téh mangrupa sato percobaan nu ilahar dipaké dina biologi jeung psikologi utamana ku sabab beurit téh mamalia, antukna loba homologina jeung manusa, nu bisa dimanipulasi sakumaha perluna. Kauntungan séjénna nyaéta kanyataan yén beurit téh leutik, kaitung murah, sarta umurna nu pondok antukna gampang katengetkeun. Génom beurit runtuyanana geus ditalungtik, némbongkeun lobana homologi jeung manusa. Taun 2006, dina proyék Biosatellite, beurit rék dikirim ka orbit Bumi dina pesawat nu muter pikeun nangtukeun balukar gravitasi Mars (orbitna dipilih nu kira-kira sarua jeung gravitasi Mars). [1]

Di sagigireun kauntungan-kauntungan di luhur, beurit bisa bahya salaku hama nu ngaruksak pepelakan sarta nyebarkeun kasakit ngaliwatan parasit jeung taina. Pikeun nyegah mahabuna gangguan beurit (ngontrol populasina), nya di antarana ku cara ngukut ucing, ngadatangkeun bueuk, atawa masang sentég.

Beurit sok digolongkeun hérbivora, padahal sabenerna mah omnivora: dahar daging, kaasup bangké beurit séjénna, sarta geus kapanggih nganibal buntutna sorangan nalika kalaparan.

Di London, kira aya satengah juta beurit, nu lolobana hirup di solokan-solokan.

Beurit teu bisa maca warna, tapi ari ngabédakeun mah bisa dina rupa gradasi antara hideung jeung bodas.

Najan bisa hirup nepi ka dua taun di lab, rata-rata umurna di luar mah ukur 3 bulanan, utamana alatan dimangsa.

Taksonomi genus Mus

 src=
Beurit liar

Genus Mus ngawengku 38 spésiés.

  • Genus Mus
    • Subgenus Pyromys
      • Mus platythrix
      • Mus saxicola
      • Mus philipsi
      • Mus shortridgei
      • Mus fernandoni
    • Subgenus Coelomys
      • Mus mayori
      • Mus pahari
      • Mus crociduroides
      • Mus vulcani
      • Mus famulus
    • Subgenus Mus
      • Mus caroli
      • Mus cervicolor
      • Mus cookii
      • Mus booduga
      • Mus terricolor
      • Mus musculus
      • Mus spretus
      • Mus macedonicus
      • Mus spicelegus
    • Subgenus Nannomys
      • Mus callewaerti
      • Mus setulosus
      • Mus triton
      • Mus bufo
      • Mus tenellus
      • Mus haussa
      • Mus mattheyi
      • Mus indutus
      • Mus setzeri
      • Mus musculoides
      • Mus minutoides
      • Mus orangiae
      • Mus mahomet
      • Mus sorella
      • Mus kasaicus
      • Mus neavei
      • Mus oubanguii
      • Mus goundae
      • Mus baoulei

Beurit dina alam fiksi

Beurit mangrupa salah sahiji sato nu populér dina alam fiksi (dina wujud kawas manusa, nu sipatna pikalucueun). Misalna Mickey Mouse nu kawentar di sakulian dunya. Lucuna téh, ongkoh dianggap hama ogé nu bisa mawa panyakit, tapi dedegan beurit dina alam fiksi mah justru némbongkeun watek anu simpatik & protagonis.

Baca ogé

Sumber rujukan

  • Mouse, Wikipédia édisi basa Inggris per 26 Oktober 2005

Tumbu kaluar

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Beurit: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Beurit (Basa Indonésia:Tikus) téh nyaéta mamalia nu kaasup salah sahiji spésiés rodénsia dina genus Mus sarta turunan lianna nu kaasup kulawarga Muridæ (Beurit Dunya Buhun, Old World Mice).

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia