dcsimg

Orchidaceae ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages
Orchidaceae
Orchidaceae

Kulawarga aangkrékan[1] (basa latin: Orchidaceae[1]) mangrupa golongan tutuwuhan kembangan anu mibanda anggota atawa jenis panglobana. Anggota ti kulawarga ieu bisa dipanggihan di sakuliah dunya, iwal gurun pasir anu garing jeung daérah anu sok katutupan salju[1]. Jenis angkrék anu aya di dunya kisaran antara 17.000-35.000. Kontribusi angkrék Indonésia dina khasanah angkrék dunya cukup gedé[1]. Tina 20.000 spésiés angkrék anu sumebar di sakuliah dunya, 6.000 di antarana aya di leuweung Indonésia[1]. Angkrék mangrupa tutuwuhan hias anu miboga niléy éstétika luhur[1]. Wangun jeung warna kembang sarta karakteristik séjénna anu unik jadi daya tarik sorangan tina spésiés tutuwuhan hias ieu sangkan loba dipiresep ku konsumén[1], boh di jero negeri boh ti luar negeri[1]. Angkrék anu dipiresep nyaéta dina wangun kembang potong jeung tutuwuhan pot[1]. Angkrék ditangtayungan ku Peraturan Pamaréntah Républik Indonésia, nomor 7 taun 1999, tanggal 27 Januari 1999[2].

Référénsi

  1. a b c d e f g h i M. Sabran, A. Krismawati, Y.R. Galingging, dan M.A. Firmansyah. Eksplorasi dan Karakterisasi Tanaman Anggrek di Kalimantan Tengah. Diaksés 02 Juli 2015.
  2. Anggrek.Org, Anggrek yang dilindungi Undang-Undang. Diaksés 02 Juli 2015.
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Orchidaceae: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages
Orchidaceae Orchidaceae

Kulawarga aangkrékan (basa latin: Orchidaceae) mangrupa golongan tutuwuhan kembangan anu mibanda anggota atawa jenis panglobana. Anggota ti kulawarga ieu bisa dipanggihan di sakuliah dunya, iwal gurun pasir anu garing jeung daérah anu sok katutupan salju. Jenis angkrék anu aya di dunya kisaran antara 17.000-35.000. Kontribusi angkrék Indonésia dina khasanah angkrék dunya cukup gedé. Tina 20.000 spésiés angkrék anu sumebar di sakuliah dunya, 6.000 di antarana aya di leuweung Indonésia. Angkrék mangrupa tutuwuhan hias anu miboga niléy éstétika luhur. Wangun jeung warna kembang sarta karakteristik séjénna anu unik jadi daya tarik sorangan tina spésiés tutuwuhan hias ieu sangkan loba dipiresep ku konsumén, boh di jero negeri boh ti luar negeri. Angkrék anu dipiresep nyaéta dina wangun kembang potong jeung tutuwuhan pot. Angkrék ditangtayungan ku Peraturan Pamaréntah Républik Indonésia, nomor 7 taun 1999, tanggal 27 Januari 1999.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia