Kapibara (Hydrochoerus hydrochaeris) nyaéta hiji sato nu kaasup kana mamalia tina kumpulan beurit jeung marmot (rodensia) nu panggedéna.[2] Awakna pendék tur lintuh, beuratna bisa nepi ka 65 kg, panjang awakna kurang leuwih 1,3 méter sarta biasana hirup di cai.[3] Kahakanannana jukut jeung bungbuahan (herbivora).[3] Kecap kapibara sorangan asalna tina basa lokal Guarani (Kapiÿva) anu hartina raja jukut.[4] Hal ieu ku lantaran kapibara mah remen katempo hirup di daérah anu mibanda loba jukut pikeun kahakanannana.[4]
Kapibara mikaresep hirup di cai (susukan, situ, balong, jeung sajabana), ngadon ngojay, teuleum, nyiar hakaneun, ogé nyumput mangsa aya bahaya .[3] Kaasup sato nokturnal mimiti liar nyiar hakaneun mangsa poé maju ka burit nepikeun ka peuting.[3] Sanajan katempo cicingeun kapibara téh pinter ngojay tur teuleum lila kajero cai malahan kapibara bisa ngahaja héés di cai dina waktu nyanghareupan pibahayaeun anu aya diluar atawa di darat.[3] Loba kapanggih hirup liar di Venezuela, Kolombia, jeung Ekuador.[5]
Kapibara (Hydrochoerus hydrochaeris) nyaéta hiji sato nu kaasup kana mamalia tina kumpulan beurit jeung marmot (rodensia) nu panggedéna. Awakna pendék tur lintuh, beuratna bisa nepi ka 65 kg, panjang awakna kurang leuwih 1,3 méter sarta biasana hirup di cai. Kahakanannana jukut jeung bungbuahan (herbivora). Kecap kapibara sorangan asalna tina basa lokal Guarani (Kapiÿva) anu hartina raja jukut. Hal ieu ku lantaran kapibara mah remen katempo hirup di daérah anu mibanda loba jukut pikeun kahakanannana.