Lidah buaya atawa Aloevera nyaéta salah sahiji tutuwuhan obat anu boga khasiat pikeun ngubaran rupa-rupa panyakit[1].Tutuwuhan ieu geus dipaké ku bangsa Samaria ti taun 1875 SM[1].
nama tidak sah; misalnya, terlalu banyak. Mangpaat ieu ku sabab ayana kandungan glycol protein[3]. Carana pesèk cangkangna tuluy usap-usapkeun bagian dagingna kana kulit sirah jeung buuk sangkan buuk jadi gomplok jeung èndah[3].Lignin nya èta kandungan anu aya dina daun lidah buaya anu boga fungsi pikeun ngajaga kelembaban kulit nepi ka kulit teu garing jeung elastisitasna kajaga, ogè pikeun nyingkhanan alèrgi kulit nu makèna[3]. Ditambah ku ayana kandungan antrakuinon jeung asam amino anu mangpaatna gedè pisan pikeun kulit ku sabab mantuan kulit pikeun buru-buru ngahasilkeun sèl-sèl anyar jeung bisa ngaleungitkeun sèl-sèl kulit anu geus paèh[3].Daging daun lidah buaya ogè boga tingkat keasaman anu sarua jeung nu dipiboga ku manusa jeung mampu meresap kana awak ogè boga saponin anu boga mangpaat salaku anti baktèri jeung anti jamur[3].Pamakèan sacara teratur bisa ngabalukarkeun kulit sèhat jeung berseri [3]. Lian ti èta lidah buaya bisa dimangpaatkeun pikeun masker beungeut, ku sabab ngandung antioksidan anu bisa nyingkahan penuaan dini[3].Efek tiis tina jelly lidah buaya bisa jadi ubar mimiti nalika kaduruk atawa kabanjur cai panas[3].Bisa ogè dimanpaatkeun pikeun kulit anu peurih ku sabab kapanasan ku cara napelkeun lidah buaya ka nu nyeri, tiis anu karasa bakal ngagancangkeun prosès pikeun nyagerkeun [3].
Lidah buaya atawa Aloevera nyaéta salah sahiji tutuwuhan obat anu boga khasiat pikeun ngubaran rupa-rupa panyakit.Tutuwuhan ieu geus dipaké ku bangsa Samaria ti taun 1875 SM.