dcsimg
Creatures » » Plants » » Dicotyledons » » Myrtles »

Syzygium polycephalum (Miq.) Merr. & L. M. Perry

Kupa ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kupa (eugenia polycephala mig), atawa kupa beunyeur, nyaéta tangkal buah anu kaasup jambu-jambuan atawa Myrtaceae anu asalna di Indonésia, hususna Jawa jeung Kalimantan.[1] Ngaran kupa di unggal wewengkon béda-béda saperti gohok (dialek Betawi), gowok, dompyong (bahasa Jawa).[2] Tangkalna leutik nepi ka sedeng, jangkungna 8-20 méter.[3] daunna lonjong panjangna 15x25 cm sedengkeun lébarna 17x13 cm, lemes jeung gagangna pondok.[4] Buah kupa, buleud tapi rada gépéng, 2–3 cm garis tengahna, warnana bungur kahideungan rada hérang, aya mahkota tabung kelopak.[3] Buah ieu mirip jeung jambu solo, ukurana sagedé dukuh.[1] Bentukna buleud sagedé kaléci, warna keur ngorana héjo kolot, lamun geus asak warnana beureum méh kahideungan.[5] Asakna kupa téh rasana amis haseum, sikina ngan hiji dibulen ku daging.[5]

Daging buah bodas atawa rada beureum ka bunguran, loba kandungan cai.[1] Rasana haseum amis (kesed), sikina gépéng sedengkeun kulitna bodas atawa bungur kolot.[3] Kupa biasana tumuwuhna di gunung sékundér, anu jangkungna antara 200–1800 m, salain ti éta kupa dipelak di kebon.[3] Kupa lolobana diala buahna, osok dijual biasana sok di rujak.[3]

Mangpaat

Kulit kupa bisa jadi ubar méncrét, jeung bahan nyamak kulit.[4] Pikeun ubar méncrét sadiakeun kurang leuwih 15 gram kulit kupa tuluy dikumbah nepi ka bersih sanggeus kitu godog ku cai sagelas salila 15 menit, tiiskeun tuluy saring.[4] Hasilsaringan di inum sakaligus.[4]

Baca ogé

Catetan

  1. a b c buah gowok, buah yang cukup langka (Dicutat tanggal 10 November 2011)
  2. Heyne,K.(1987).Tumbuhan Berguna Indonesia.jilid 3.Yay. Sarana Wana Jaya: Jakarta.kaca 1522.
  3. a b c d e Buah Gowok, Masih Adakah? (Dicutat tanggal 10 Oktober 2011)
  4. a b c d Polycephala Miq (Dicutat tanggal 18 November 2011)
  5. a b [Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Kupa: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Kupa (eugenia polycephala mig), atawa kupa beunyeur, nyaéta tangkal buah anu kaasup jambu-jambuan atawa Myrtaceae anu asalna di Indonésia, hususna Jawa jeung Kalimantan. Ngaran kupa di unggal wewengkon béda-béda saperti gohok (dialek Betawi), gowok, dompyong (bahasa Jawa). Tangkalna leutik nepi ka sedeng, jangkungna 8-20 méter. daunna lonjong panjangna 15x25 cm sedengkeun lébarna 17x13 cm, lemes jeung gagangna pondok. Buah kupa, buleud tapi rada gépéng, 2–3 cm garis tengahna, warnana bungur kahideungan rada hérang, aya mahkota tabung kelopak. Buah ieu mirip jeung jambu solo, ukurana sagedé dukuh. Bentukna buleud sagedé kaléci, warna keur ngorana héjo kolot, lamun geus asak warnana beureum méh kahideungan. Asakna kupa téh rasana amis haseum, sikina ngan hiji dibulen ku daging.

Daging buah bodas atawa rada beureum ka bunguran, loba kandungan cai. Rasana haseum amis (kesed), sikina gépéng sedengkeun kulitna bodas atawa bungur kolot. Kupa biasana tumuwuhna di gunung sékundér, anu jangkungna antara 200–1800 m, salain ti éta kupa dipelak di kebon. Kupa lolobana diala buahna, osok dijual biasana sok di rujak.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia