dcsimg

Apiaceae ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Apiacéae nyaéta kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1] Apiacéae mangrupa salah sahiji keluarga angiospermae panggedéna, miboga antara 300 genus jeung 2.500-3.000 spésiés.[2] Tutuwuhan ieu aya sakualiah dunya, tapi umumna di daérah iklim saeutik di daérah tropis.[2] Kulawarga ieu mimiti diaku salaku kelompok has nalika ahir abad ka-16, ngajadikeun ieu salah sahiji tina kulawarga nu mimiti diaku salaku unit nu béda.[2] Ieu mangrupa salah sahiji kulawarga nu pang babarina dipikawanoh, tapi mangrupa salah sahiji nu pang héséna di idéntifikasi kalawan spésiés nu tangtu.[3] Kembang-kembang tina Apiacéae rupa-rupa pisan, sabagian gedé variasi aya dina daun jeung buah.[2][3] Satiap kembang miboga 5 mahkota ngan segmen kelopak kadang-kadang saeutik nepi ka aweuhan.[2][3]

Referensi

  1. (en)Apiaceae (diakses 9 Maret 2016)
  2. a b c d e (en)Apiaceae taxon (diakses 9 Maret 2016)
  3. a b c (en)Apiaceae (diakses 9 Maret 2016)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Apiaceae: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Apiacéae nyaéta kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama Angiospermae (tutuwuhan kembangan). Apiacéae mangrupa salah sahiji keluarga angiospermae panggedéna, miboga antara 300 genus jeung 2.500-3.000 spésiés. Tutuwuhan ieu aya sakualiah dunya, tapi umumna di daérah iklim saeutik di daérah tropis. Kulawarga ieu mimiti diaku salaku kelompok has nalika ahir abad ka-16, ngajadikeun ieu salah sahiji tina kulawarga nu mimiti diaku salaku unit nu béda. Ieu mangrupa salah sahiji kulawarga nu pang babarina dipikawanoh, tapi mangrupa salah sahiji nu pang héséna di idéntifikasi kalawan spésiés nu tangtu. Kembang-kembang tina Apiacéae rupa-rupa pisan, sabagian gedé variasi aya dina daun jeung buah. Satiap kembang miboga 5 mahkota ngan segmen kelopak kadang-kadang saeutik nepi ka aweuhan.

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia