Kawung (Arenga pinnata at. Arenga saccharifera) tangkal Arecaceae pituin alam tropis Asia, ti India wétan nepi ka Malaysia, Indonésia, jeung Pilipina. gedéna kaasup palem ukuran sedeng, jangkungna bisa nepi ka 20 m, anu watangna renjul ku puhu dahan/barangbang. Panjang daunna 6–12 m, sedengkeun lébarna 1,5 m, diwangun ku jarum daun nu lobana 1-6 kolom (panjang 40–70 cm, lébar 5 cm). Buahna, katelah 'caruluk', ngaruntuy, diaméterna 7 cm.[1]
Najan teu digolongkeun kaancam punah, di sababaraha wewengkon mah ieu spésiés beuki carang populasina.
Masarakat tradisional mikawanoh kawung ku loba mangpaatna, kayaning diala lahangna pikeun diinum atawa dijieun cuka, gula, diala injukna, pakang, harupat, ruyung, lunglum atawa kawul, daun kawung, jeung nyéré.[1]
Kawung (Arenga pinnata at. Arenga saccharifera) tangkal Arecaceae pituin alam tropis Asia, ti India wétan nepi ka Malaysia, Indonésia, jeung Pilipina. gedéna kaasup palem ukuran sedeng, jangkungna bisa nepi ka 20 m, anu watangna renjul ku puhu dahan/barangbang. Panjang daunna 6–12 m, sedengkeun lébarna 1,5 m, diwangun ku jarum daun nu lobana 1-6 kolom (panjang 40–70 cm, lébar 5 cm). Buahna, katelah 'caruluk', ngaruntuy, diaméterna 7 cm.
Najan teu digolongkeun kaancam punah, di sababaraha wewengkon mah ieu spésiés beuki carang populasina.
Gambar tangkal kawung dina buku Flora de Filipinas [...] Gran edicion [...] [Atlas II] taun 1880-1883. MangpaatMasarakat tradisional mikawanoh kawung ku loba mangpaatna, kayaning diala lahangna pikeun diinum atawa dijieun cuka, gula, diala injukna, pakang, harupat, ruyung, lunglum atawa kawul, daun kawung, jeung nyéré.
Buah kawung (cangkaléng) beunang meuleum
Caruluk (buah kawung) anyar ngala
Nyadap tangkal kawung