Kolé; Musa Trogloditarum; fe’i banana nyaéta tangkal nu asalna tina genus musa.[1][2] Cau kulé dipelak pikeun diala buahna, henteu bisa langsung dikonsumsi tapi kudu diasakan heula diseupan atawa di bubuy, kumaha pangaresep.[3] Cau kolé katelah ogé cau gunung loba kapanggih hirup di kapuloan Maluku nepika kapuloan Marquesas, kapuloan Pasifik utamana di Polinésia Prancis.[1]
[3] Beurat cau kolé sasikat 1,2 kg, beurah 1 cau kole = 150 gr. [2] [3] Di Maluku nyebut cau kolé téh pisang tongkat langit, Papua New Guinea disebutna Rimina; Utafan Di kapuloan Solomon diebutna Warowaro, Di kapuoan Fiji disebutna Soaqa, di Hawaii disebutna Borabora; Polapola; Mai'a Ha'ii.[4]
Tangkalna jangkung timimiti 3 – 10 méter, Cau kolé mah jantungna ‘’(Rumphius)’’jocong kaluhur, henteu kawas cau ilaharna ngeluk ka handap.[5] Kelir kulit buahna kayas nepika semu gandaria, daging cauna ornye aya ogé nu konéng.[5] Panjang buahna 20 cm, defena buahna (diaméter) 13 cm.[6] Kulit buahna cau na ogé henteu kawas cau ilahar buleud, tapi cau kolé mah semu masagi opat.[7] Geutahna ogé béda jeung cau ilaharna, kelirna kayas ayogé nu semu gandaria, aya ogé nu semu beureum.[7]
Cau kolé loba mibanda beta karotana, provitamin A katotenoid nu engkéna baris jadi vitamin A dina awak.[5] [5]Mangpaat cau kole, mujarab pikeun ngubaran panyakit konéng.[6]
Kolé; Musa Trogloditarum; fe’i banana nyaéta tangkal nu asalna tina genus musa. Cau kulé dipelak pikeun diala buahna, henteu bisa langsung dikonsumsi tapi kudu diasakan heula diseupan atawa di bubuy, kumaha pangaresep. Cau kolé katelah ogé cau gunung loba kapanggih hirup di kapuloan Maluku nepika kapuloan Marquesas, kapuloan Pasifik utamana di Polinésia Prancis.
Beurat cau kolé sasikat 1,2 kg, beurah 1 cau kole = 150 gr. Di Maluku nyebut cau kolé téh pisang tongkat langit, Papua New Guinea disebutna Rimina; Utafan Di kapuloan Solomon diebutna Warowaro, Di kapuoan Fiji disebutna Soaqa, di Hawaii disebutna Borabora; Polapola; Mai'a Ha'ii.