Kucay (Allium tuberosum) nyaéta salah sahiji tutuwuhan nu aya dina kulawarga bawang-bawangan (Liliaceae).[1] Kucay mangrupa tutuwuhan hérba nu ngarumpun nu panjang daunna bisa nepi ka 20–40 cm.[2] Wangun bawang tina kucai teu pati jelas, teu kawas bawang beureum atawa bawang bodas.[2] Kembangna aya dina jambak nu panjangna leuwih kurang sarua jeung daunna.[2] Unggal jambak miboga loba kembang leutik warna bodas. Daun jeung kembang kucau bisa ngahasilkeun bau.[2]
Kucay diwangun ku bawang kucay jawa (Allium odorum) jeung kucay Sunda (Allium tuberosum) nu dipikawanoh pisan di Asia Tanggara.[3] Kelompok bawang daun ieu aya nu nyebutna chives jeung aya ogé nu nyebutna bawang prei cina.[3]
Kucay (Allium tuberosum) nyaéta salah sahiji tutuwuhan nu aya dina kulawarga bawang-bawangan (Liliaceae). Kucay mangrupa tutuwuhan hérba nu ngarumpun nu panjang daunna bisa nepi ka 20–40 cm. Wangun bawang tina kucai teu pati jelas, teu kawas bawang beureum atawa bawang bodas. Kembangna aya dina jambak nu panjangna leuwih kurang sarua jeung daunna. Unggal jambak miboga loba kembang leutik warna bodas. Daun jeung kembang kucau bisa ngahasilkeun bau.