dcsimg

Hanjuang ( Sudanês )

fornecido por wikipedia emerging languages

Hanjuang (baca: 'hanyjuang') (Cordyline fruticosa) nyaéta tutuwuhan kembangan ti kulawarga Laxmanniaceae, saméméhna diasupkeun kana kulawarga Agavaceae, nu jangkungna bisa nepi ka 4 m, panjang daunna 30–60 cm, kalawan lébar 5–10 cm. Kembangna semu konéng-beureum, nu gagangna panjang (40–60 cm), nu terus jadi buah laleutik kelir beureum. Ieu tutuwuhan téh pituin Asia Tenggara, Papua, Mélanésia, Australia kalér-ngétan, jeung sabagian Polinésia. Aya ogé di Hawai atawa Selandia Baru, tapi da beunang melak[1].

Ku urang Sunda, ieu tutuwuhan sok dipelak di juru-juru wates tanah pikeun tanda, sedengkeun daunna sok dipaké mungkus rupa-rupa katuangan. Hasil panalungtikan nunjukkeun yén daun hanjuang boga watek antibaktéri[2].

Sebutan séjén

  • Convallaria fruticosa L. (basionim)
  • Asparagus terminalis L. nom. illeg.
  • Cordyline terminalis (L.) Kunth
  • Cordyline terminalis var. ferra Baker
  • Dracaena terminalis L. nom. illeg.
  • Dracaena terminalis Rich.
  • Terminalis fruticosa (L.) Kuntze

Galeri

Rujukan

  1. http://www.itfgs.org/htm/cordyline.htm
  2. Chaerunisa AY, Alim Z, Supriyatna (2001). "Sifat biostatika pengemas makanan tradisional daun hanjuang (Cordyline fruticosa) dan daun tisuk (Hibiscus macrophyllus) dibandingkan dengan Nipagin-Nipazol". Cermin Dunia Kedokteran 130: 49-54.

Tumbu kaluar

licença
cc-by-sa-3.0
direitos autorais
Pangarang sareng éditor Wikipedia
original
visite a fonte
site do parceiro
wikipedia emerging languages

Hanjuang: Brief Summary ( Sudanês )

fornecido por wikipedia emerging languages

Hanjuang (baca: 'hanyjuang') (Cordyline fruticosa) nyaéta tutuwuhan kembangan ti kulawarga Laxmanniaceae, saméméhna diasupkeun kana kulawarga Agavaceae, nu jangkungna bisa nepi ka 4 m, panjang daunna 30–60 cm, kalawan lébar 5–10 cm. Kembangna semu konéng-beureum, nu gagangna panjang (40–60 cm), nu terus jadi buah laleutik kelir beureum. Ieu tutuwuhan téh pituin Asia Tenggara, Papua, Mélanésia, Australia kalér-ngétan, jeung sabagian Polinésia. Aya ogé di Hawai atawa Selandia Baru, tapi da beunang melak.

Ku urang Sunda, ieu tutuwuhan sok dipelak di juru-juru wates tanah pikeun tanda, sedengkeun daunna sok dipaké mungkus rupa-rupa katuangan. Hasil panalungtikan nunjukkeun yén daun hanjuang boga watek antibaktéri.

licença
cc-by-sa-3.0
direitos autorais
Pangarang sareng éditor Wikipedia
original
visite a fonte
site do parceiro
wikipedia emerging languages