Jelér basa latin (Lepidocephalichthys hasselti) atawa serowot nyaéta lauk kawilang leutik tur mibanda kumis anu kagolongkeun kana kulawarga Cobitidae. Ieu lauk hirup jeung baranahan di sakuliah Asia Tenggara utamana di Indonesia beulah kulon. Di Jawa kulon jelér loba kapanggih hirup disusukan leutik jeung kamalir sawah [5].
Jelér pangawakana kawas belut ngan leuwih buntet huluna monyong jeung rada bentelu, panonna laleutik, cécépét buntutna kawas garpuh. Cécépét palebah dada (dorsal) ; beuteung (anal); jeung buntut (caudal) kurang leuwih aya 7 ramo-ramo kawas garpuh.
Kelir tonggongna semu héjo zaitun, awakna belang-belang kelir coklat, ti mimiti palebah panon nepi ka buntutna aya polét hideung ngaurat kalawan écés, cécépét buntutna ramo-ramona ngagurat kaluhur, cécépét-cécépét ditempat anu séjénna méh teu katempo. Palebah beuteungna aya kelir semu konéng.[2]
Pangawakan Lauk jelér kawas belut ngan leuwih buntet jeung mibanda kumis ogé cécépét anu jangkungna, 6-7 kali panjang awakna. Huluna rada bentelu, gedéna kurang leuwih 5 - 6 kali panjang awakna. Pipi, satukangeun panona, asangna/insang ditutupan ku sisik-sisik anu kacida leutikna, bisa katempo soteh upama maké kaca atawa alat panempo barang leutik. liang irungna (Nostril) leuwih deukeut kana panon ti batan kana momonyong huluna.[3]
Panonna, laleutik pisan. Kumisna aya 8 lambar; kumis anu aya dina biwir handapna leuwih pondok ngan rada kandel, sakapeungmah malahan henteu katempo. Susuri/cécépét tonggongna (dorsal) satengahna tina cécépét beuteungna. cécépét dina dadana (pektoral) tungtungna rada bentelu semu buleud. cécépét dorsal mibanda 7- 8 ramo-ramo leuleus wanguna kawas garpuh; cécépét bujurna 7; cécépét pektoral 7-8; jeung cécépét ventral 7.[5] tungtung cécépétsemu buleud kawas beunang neukteuk.[6]
Mimiti kapanggih di susukan "Tjelankahan" (Cilangkahan?) di Jawa[2][4], ti saprak harita jelér kapanggih ogé di sababaraha daérah di pulo Jawa: mimitina di Bandung, Garut, Jakarta, Bogor, Purworejo[3]. Kapanggih ogé di Deli (Sumatera) jeung Situ Bagendit[5]. Di Bogor, lauk ieu mimiti kapanggih di susukan Ci Liwung deukeut Kebun Raya Bogor[7]
Jelér ogé kapanggih di Kalimantan, Semenanjung Malaya, Thailand (Sungai Chao Phraya, S. Mekong, dan pulo Koh Mahk), Laos, Kamboja, Vietnam, dan Birma (S. Salween).[8]
Jelér sakapeung hirup ogé di susukan leutik/solokan sungai-sungai, anu caina henteu tarik tur déét, aya ogé di rawa, situ, jeung sawah. Mindeng ogé kapanggih di susukan anu remet ku akar vegetasi, tur taneuhna tina lempung atawa leutak.[6][8]
IUCN ngalaporkeun yén jelér masih loba kapanggih hartina masih jauh tina konservasi/kudu di jaga kalumangsungan hirupna, taya lian kaayaana "LC" (Least Concern).[9]
Jelér basa latin (Lepidocephalichthys hasselti) atawa serowot nyaéta lauk kawilang leutik tur mibanda kumis anu kagolongkeun kana kulawarga Cobitidae. Ieu lauk hirup jeung baranahan di sakuliah Asia Tenggara utamana di Indonesia beulah kulon. Di Jawa kulon jelér loba kapanggih hirup disusukan leutik jeung kamalir sawah .