Bawal (Strometeodes cinereus) nyaéta lauk laut nu asalna tina kulawarga formiidae, awakna dempak, kulitna heuras, sisitna lemes laletik.[2] Kaasup lauk konsumsi nu loba mikaresep, dijual di pasar jeung warung atawa réstoran nu nyayagikeun lauk laut. [3] Bawal laut aya dua rupa: ka hiji bawal bodas (pampus argenteus/Stomateus cinereus), ka dua bawal hideung (Stromateus niger/Formio niger/Parastromateur niger).[4] Ieu dua spesies bawal hirup liar di laut, ku kituna ieu lauk sakapeung henteu kapanggih dipasar mangsa datang usum paceklik.[4] Lauk bawal hirup di sabudeureun basisir jeung batu karang, bawal kagolongkeun lauk karnivora (ngahakan sasatoan jeung lauk leutik séjén).[5] Sagigireun bawal laut aya ogé bawal cai darat sok disebut bawal BAT (Bawal Air Tawar), bédana kelir bawal darat mah katempo hawuk jeung tungtung cécépét kelirna leuwih beureum. [6]
Bawal (Strometeodes cinereus) nyaéta lauk laut nu asalna tina kulawarga formiidae, awakna dempak, kulitna heuras, sisitna lemes laletik. Kaasup lauk konsumsi nu loba mikaresep, dijual di pasar jeung warung atawa réstoran nu nyayagikeun lauk laut. Bawal laut aya dua rupa: ka hiji bawal bodas (pampus argenteus/Stomateus cinereus), ka dua bawal hideung (Stromateus niger/Formio niger/Parastromateur niger). Ieu dua spesies bawal hirup liar di laut, ku kituna ieu lauk sakapeung henteu kapanggih dipasar mangsa datang usum paceklik. Lauk bawal hirup di sabudeureun basisir jeung batu karang, bawal kagolongkeun lauk karnivora (ngahakan sasatoan jeung lauk leutik séjén). Sagigireun bawal laut aya ogé bawal cai darat sok disebut bawal BAT (Bawal Air Tawar), bédana kelir bawal darat mah katempo hawuk jeung tungtung cécépét kelirna leuwih beureum.
Bawal Bodas
Bawal bideung
Bawal darat Colossoma macropomum