dcsimg
Image of Cassumunar ginger
Creatures » » Plants » » Dicotyledons » » Ginger Family »

Cassumunar Ginger

Zingiber montanum (J. Koenig) Link ex A. Dietr.

Panglai ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Panglai nyaéta ngaran tutuwuhan anu asalna ti India.[1] Panglai tumuwuh minangka rungkun, jangkungna bisa nepi ka 1,5 méter.[1] Watangna mangrupa watang semu anu diwangun tina palapah daun anu teu miboga pakang.[1] Wangun daunna lansét, manjang, sarta tungtungna seukeut.[1] Daunna leuleus, ipis, tur teu buluan.[1] Panglai mibanda ngaran daérah nu béda-béda: mungle (Aceh), bungle (Batak), kunyit bolai (Melayu), bengle (Jawa), pandhiyang (Madura), bangalai (Dayak), banggele (Bali), bale (Makasar), panini (Bugis), unin makei (Ambon).[2]

Ciri mandiri

  • Beuti panglai wangunna buleud pendék, aya buku-bukuan, dina unggal buku aya sirungan.[1]
  • Kulit luar warnana coklat ngora, upama dibeulah jerona warna konéng emas.[1]
  • Kembang panglai mangrupa kembang majemuk, wangunna turuy, kaluarna dina tungtung watang, panjang gagangna nepi ka 20 senti.[1] Bagian anu ngandung kembang wangunna buleud siga endog, panjangna 6 nepi ka 10 sénti, lebarna 4 nepi ka 5 sénti.[1] Panglai tumuwuh di wewengkon Asia tropika, ti India nepi ka Indonésia.[3] Di Jawa Panglai dibudidayakeun atawa dipelak di pakarangan dina tempat-tempat anu kasorot ku panonpoé, ti dataran handap nepi ka 1.300 m dpl.[3] Panglai teu bisa dipelak dina taneuh anu kakeueum atawa bécék, tumuwuhna baris kaganggu sarta beutina gancang buruk.[3] Beuti panglai bauna has aromatik, rasana rada pait sarta rada lada, tur ngandung minyak asiri, damar, pati jeung tanin.[3][2]

Kandungan Kimia

Panglai mibanda sababaraha sanyawa kimia : minyak astiri (sineol, pinen), damar, pati jeung tanin.[2]

Kagunaan jeung mangpaat

Panglai mangpaat pikeun nurunkeun panas, ngarah gampang hitut, ngéncérkeun reuhak, méré sihan getih, reumatik, panyakit konéng, jeung ubar pikeun cacingan.[3][2]

Referensi

  1. a b c d e f g h i Tim Kreatif. 2008. Bududaya Tanaman Obat. Jakarta:Sinar Grafika Hal. 34
  2. a b c d Hembing, Prof; Wijayakusuma (2012). Atasi ASAM URAT & REMATIK ala Hembing. Jakarta: Niaga Swadaya. p. 21. ISBN 9789793833842. Cite uses deprecated parameter |coauthors= (bantuan); Unknown parameter |Url= ignored (|url= suggested) (bantuan)
  3. a b c d e Bangle (id) (Diakses ping 5 November 2011)
license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia

Panglai: Brief Summary ( Sundanese )

provided by wikipedia emerging languages

Panglai nyaéta ngaran tutuwuhan anu asalna ti India. Panglai tumuwuh minangka rungkun, jangkungna bisa nepi ka 1,5 méter. Watangna mangrupa watang semu anu diwangun tina palapah daun anu teu miboga pakang. Wangun daunna lansét, manjang, sarta tungtungna seukeut. Daunna leuleus, ipis, tur teu buluan. Panglai mibanda ngaran daérah nu béda-béda: mungle (Aceh), bungle (Batak), kunyit bolai (Melayu), bengle (Jawa), pandhiyang (Madura), bangalai (Dayak), banggele (Bali), bale (Makasar), panini (Bugis), unin makei (Ambon).

license
cc-by-sa-3.0
copyright
Pangarang sareng éditor Wikipedia